Minggu, 03 Maret 2013

Dongeng Sunda


Kacaritakeun di hiji leuweung ganggong simagongong, aya bagong keur anakan. Eta bagong teh keur huleng jentul wae bangun ngemu kabingung. Pangna kitu lantaran poe eta manehna kudu nedunan jangji ka Sakadang Maung, nyaeta masrahkeun anakna.
Hiji waktu manehna kungsi dikerekeb ku Sakadang Maung. Harita Sakadang Bagong ceurik. “Sing karunya bae ka kuring, Sakadang Maung! Kuring teh geus kolot, dagingna oge tangtu nya liat nya kelang. Kieu bae, engke lamun anak kuring geus lahir, ku kuring rek dibikeun ka andika. Tangtu dagingna empuk tur pelem.”
Ngadenge caritaan Sakadang Bagong kitu, Sakadang maung teh teu tulus ngerekeb. Hiji waktu manehna rek datang deui, nagih jangji.
Nya harita, waktu Sakadang Bagong geus anakan, manehna kudu nyumponan jangjina. Tapi piraku aing rek tega mikeun anak ka Sakadang Maung? Kumaha akalna sangkan anak aing teu tulus dihakan? Sakadang Bagong terus uleng mikir, neangan piakaleun.
Keur kitu aya Sakadang Peucang nyampeurkeun.
“Ku naon andika bet kawas nu keur bingung kacida, Sakadang Bagong?” Sakadang Peucang nanya. Gorolang Sakadang Bagong nyaritakeun ku naon pangna manehna baluweng poek pipikiran.
Sakadang Peucang ngahuleng sakedapan. Teu lila pok nyarita: “Euh gampang atuh ari kitu mah. Andika ulah hariwang, keun kumaha kuring bae. Urang neangan akal sangkan anak Ki Silah salamet tina panandasa Sakadang Maung. Dagoan heula di dieu, kuring rek neangan Sakadang Landak!”
Sakadang Peucang ngaleos. Teu lila oge geus ngurunyung deui dibarengan ku Sakadang Landak. Manehna terus ngajak indit ka hiji guha.
Tepi ka guha nu dituju, sakadang Peucang metakeun akalna. Sakadang Landak kudu asup ka jero guha, ngaringkuk di nu rada poek. Buluna anu kawas cucuk teh kudu dipuridingkeun. Sakadang Bagong kudu cicing di lawang guha, ngabageakeun Sakadang Maung lamun engke ngurunyung. Ari manehna kadua anak Sakadang Bagong rek nyarumput di nu buni.
Teu lila Sakadang Maung geus rentang-rentang datang. Ti kajauhan oge geus ngagerem, nyingsieunan Sakadang Bagong. “Mana anak sampean teh, Sakadang Bagong?” cek Sakadang Maung bari jungang-jengong.
Sakadang Bagong antare nembalan: “Tuh, di jero guha. Tah geuning katenjo ti dieu oge, ngaringkuk di juru. Pek ayeuna kuring masrahkeun, nedunan jangji ka andika. Didaharna ulah dilila-lila, teureuy bae sakaligus, sing ulah kadenge ceurikna. Jig geura sampeurkeun, kuring rek indit heula, teu kaduga nenjona.”
Sakadang Maung nenjo rarat-reret ka jero guha. Enya bae katenjoeun aya nu ngaringkuk di juru. Awahing ku atoh bari teu kuat hayang geura ngerekeb, gabrug bae nu ngaringkuk teh dirontok, disamualkeun. Puguh bae cucuk landak teh rungseb manggang sungutna. Sakadang Maung gegerungan, sungutna baloboran getih. Diutah-utah oge landak teh teu daekeun kaluar, da cucukna naranceb pageuh pisan. Antukna Sakadang Maung teh paeh. Sakadang Landak ngurumuy kaluar tina sungutna.
Sakadang Bagong kacida bungaheunana. Anakna salamet. Manehna nganuhunkeun pisan ka Sakadang Peucang anu geus mere pitulung ka dirina. Kitu deui ku Sakadang Landak oge manehna kahutangan budi.
Sakadang Peucang jeung Sakadang Landak tuluy arindit deui ninggalkeun Sakadang Bagong.



Nénjo di imah Pa Tani euweuh sasaha, kira-kira wanci sareupna, Sakadang Monyét turun tina tangkal asem. Tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya anu keur dikurungan ku ranggap. Maksudna mah arék mupuas ka Sakadang Kuya.
Tapi, barang tepi ka buruan imah Pa Tani, Sakadang Monyét kacida kagétna. Ari sababna, Sakadang Kuya téh katémbong jiga anu bungah pisan. Malah maké jeung hahariringan sagala. Teu tulus arék mupuas téh.
“Aya naon Sakadang Kuya, katémbongna téh bet bungah-bungah teuing?” Sakadang Monyét nanya.
“Ih, atuda rék teu bungah kumaha. Isukan téh uing rék dikawinkeun ka anakna Pa Tani?”
“Rék dikawinkeun?”
“Enya, rék dikawinkeun!”
“Ka anakna Pa Tani?”
“Enya, ka anakna Pa Tani anu geulis téa geuning. Awakna lenjang, buukna panjang, deuh … sugan mah,” ceuk Sakadang Kuya bari pepeta, metakeun awéwé geulis.
Sakadang Monyét ngahuleng teu percaya.
“Ah, piraku?”
“Maenya teu percaya kénéh baé, sakitu jelas tanda-tandana. Ayeuna téh Ambu Tani jeung anakna keur ka pasar, rék balanja keur olah-olah hajat isukan. Ari Pa Tani keur néang lebé,” ceuk Sakadang Kuya, kalem.
“Paingan atuh tadi arindit,” ceuk Sakadang Monyét. “Alus milik Sakadang Kuya mah.”
Sakadang Kuya teu némbal, kalah terus hahariringan.
Sanggeus ngahuleng salila-lila, pok Sakadang Monyét nyarita lemah-lembut, “Kieu Sakadang Kuya, urang téh asa lain sapoé dua poé sosobatan téh, nya.”
“Enya, ari kitu?”
“Kumaha upama urang hilian baé. Uing anu dikurungan, Sakadang Kuya di luar. Hartina Sakadang Kuya bisa bébas, rék balik ka imah heug, atuh rék cicing baé di dieu teu nanaon,” ceuk Sakadang Monyét.
“Upama kitu mah anu dikawinkeunana gé meureun anjeun, nya? Ih, embung teuing ari kitu mah! Anak Pa Tani téa, keur geulis téh bageur deuih,” témbal Sakadang Kuya.
“Emh, Sakadang Kuya mah kawas lain ka sobat baé. Uing ogé hayang atuh ngarasakeun kabagjaan saperti anjeun ayeuna,” ceuk Sakadang Monyét ngarenghik.
Sakadang Kuya keukeuh embung, Sakadang Monyét keukeuh hayang. Lila pakeukeuh-keukeuh. Antukna mah Sakadang Kuya téh ngomong, “Nya atuh ari hayang-hayang teuing mah, Sakadang Monyét, heug baé. Ngan saméméh anjeun asup kana ranggap, alungkeun heula uing ka leuwi. Lain ku nanaon, bisi anakna Pa Tani kuciwa, da geuning katénjona mah bogoheun pisan ka uing téh. Emh, pileuleuyan, Nyai, lain Akang teu bogoh, ngan ieu mah bakating ku béla ka nu jadi sobat wé.”
Ngadéngé omongan Sakadang Kuya kitu, Sakadang Monyét kacida bungahna. Teu talangké deui, Sakadang Kuya dikaluarkeun tina ranggap, tuluy dipanggul, rigidig dibawa lumpat ka leuwi. Nepi ka leuwi, lung baé Sakadang Kuya dialungkeun. Manéhna gura-giru balik deui ka imah Pa Tani. Sup kana ranggap, ngurungan manéh di pipir imah Pa Tani.
Bada magrib anu geus ti pasar téh kakara baralik. Teu lila, Pa Tani ogé datang. Langsung arasup ka imah, teu ulak-ilik heula kana ranggap, anu eusina geus lain Sakadang Kuya, tapi Sakadang Monyét.
Isukna, isuk-isuk pisan Pa Tani geus kaluar ti imahna.
“Nyai, pangmawakeun bedog ka dieu, urang meuncit kuya téa!” ceuk Pa Tani ka anakna.
Gebeg, Sakadang Monyét kacida kagétna ngadéngé omongan Pa Tani kitu téh. Geuning Sakadang Kuya téh rék dipeuncit, lain rék dikawinkeun, boro ku aing digenténan, ceuk pikirna.
“Bisi mintul mah asah heula bapana,” ceuk Ambu Tani.
“Heug, ka dieukeun atuh batu asahanana!”
Teu lila gesruk-gesruk kadéngé anu ngasah bedog. Karasana ku Sakadang Monyét mah meni geus asa gérésél-gérésél baé éta bedog téh kana beuheungna. Manéhna manggih akal, tuluy baé papaéhan. Awakna dijegerkeun.
Torojol anak Pa Tani ka dinya. Ngilikan ranggap, ngilikan eusina. Kagét, pédah eusina lain kuya, tapi monyét.
“Bapa, geuning kuya téh euweuh!” anak Pa Tani ngagorowok.
“Naon Nyai, kuya euweuh?” ceuk Pa Tani bari nyampeurkeun.
“Aya ogé monyét, geus paéh deuih. Tuh, awakna ogé mani jeger!”
“Heueuh geuning!” ceuk Pa Tani bari mukakeun ranggap. Monyét dicokot. Tuluy dibalangkeun sataker tanaga. Barang keuna kana taneuh, Sakadang Monyét hudang, berebet lumpat tarik pisan, asup ka jero leuweung. Kalacat baé naék kana tangkal anu jangkung.
Pa Tani jeung anakna ngan ukur bisa olohok.


Ayeuna mah rada lila pundungna Sakadang Monyét téh. Aya kana tilu poéna. tapi ahirna, Sakadang Monyét datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Harita téh isuk-isuk kénéh pisan.
“Sakadang Kuyaaa!” Sakadang Monyét gegeroan bari nangtung dina batu lémpar paranti moyan Sakadang Kuya. Sorana dialeu-aleu.
“Kuk!” aya anu némbalan di handap.
Sakadang Monyét luak-lieuk euweuh sasaha.
“Sakadang Kuyaaa!”
“Kuk!” aya anu némbalan deui.
Sakadang Monyét culang-cileung, angger euweuh sasaha. Pok deui ngageroan.
“Sakadang Kuyaaa!”
“Kuk!”
Barang kadéngé sora “kuk”, jempol sukuna utek-utekan. Disangkana anu némbalan téh jempol suku manéhna sorangan.
“Geuning manéh anu némbalan téh! Manéh ngaheureuykeun ka uing?” ceuk Sakadang Monyét ambek kana jempol sukuna. “Dipékprék sia ku aing!”
Sakadang Monyét nyokot batu sagedé peureup, tuluy dipékprékkeun kana jempol sukuna. Atuh Sakadang Monyét téh jéjéréwétan nyerieun indung suku.
Gék Sakadang Monyét diuk dina batu bari ngusapan jempol sukuna anu rada ngabareuhan. Keur kitu, kurumuy Sakadang Kuya datang tina handapeun batu.
“Euleuh-euleuh, Sakadang Monyét. Ka mana baé atuh, meni kakara katingali?” ceuk Sakadang Kuya bari nyampeurkeun ka Sakadang Monyét.
“Nyaéta uing téh geus ulin ngurilingan leuweung di dieu, sugan aya hakaneun anu ngeunah,” témbal Sakadang Monyét.
“Manggih henteu?”
“Manggih. Cabé meni bareureum téh.”
“Cabé nya? Kabeneran atuh, puguh asa geus lila uing téh henteu ngadahar cabé. Di mana nu aya tangkal cabé téh?” Sakadang Kuya panasaran.
“Di kebon Pa Tani. Lamun Sakadang Kuya hayang, hayu urang ngala, da uing gé hayang.”
“Ah, embung di kebon Pa Tani mah. Sieun ku Pa Tani. Komo Sakadang Monyét mah sok gandéng ari baranghakan téh.”
“Moal, moal gandéng! Urang di sisina wé ngalana ogé, ulah ka tengah. Apan kebon Pa Tani téh lega.”
“Embung ah, sieun!”
“Sumpah, uing mah moal gandéng. Jeung lamun kapanggih ku Pa Tani, urang lumpat, engké Sakadang Kuya digandong ku uing!” ceuk Sakadang Monyét ngayakinkeun Sakadang Kuya.
“Nyaan ieu téh?”
“Sumpah, piraku uing ngabohong ka kolot!”
“Hayu atuh ari kitu mah!”
Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani.
Barang tepi ka kebon Pa Tani, enya baé katémbong tangkal cabé sakebonan, cabéna geus bareureum deuih.
Jleng Sakadang Monyét ngaluncatan pager, ari Sakadang Kuya moncor kana sela-sela pager anu carang. Geus kitu mah, der baé duanana ngahakanan cabé, meni ngaweswes. Sareuhah ladaeun, komo Sakadang Kuya mah tangka cirambay bakating ku lada. Tapi terus baé ngahakanan cabé. Lada ogé lada ngeunah cenah. Kawantu kahakanan anu langka keur maranéhna mah cabé téh.
Keur kitu, ana gorowok téh Sakadang Monyét ngagorowok, “Seuhah lata-lata,” cenah. Maksudna mah ‘seuhah lada-lada’.
“Ssst, ulah gandéng atuh, bisi kadéngéeun ku Pa Tani!” Sakadang Kuya nyaram. Tapi Sakadang Monyét teu beunang dicaram, angger baé gogorowokan.
“Seuhah lata-lata! Seuhah lata-lata!”
Harita Pa Tani keur ngareureuhkeun capé di saung. Barang ngadéngé anu gandéng di tungtung kalér kebonna, tibuburanjat hudang. Moal salah, ceuk pikirna, aya anu ngaganggu kana pepelakanana, Ngarawél pangilang, awi sadeupa, tuluy ngagidig ka lebah anu gandéng téa.
Katénjoeun ku manéhna aya monyét keur ngaweswes ngahakanan cabé.
“Tah, beunang siah anu sok malingan cabé aing téh!” ceuk Pa Tani bari ngudag Sakadang Monyét. Sakadang Monyét lumpat. Diténggor ku pangilang, teu beunang. Térékél Sakadang Monyét naék kana tangkal asem, terus diuk dina dahan pangluhurna. Ari Sakadang Kuya mah teu bisaeun lumpat, nyumput kana dapuran cau.
Pa Tani nyampeurkeun ka lebah tangkal cabé anu diranjah ku Sakadang Monyét jeung Sakadang Kuya. Ari datang, bréh katénjo Sakadang Kuya keur nyumput dina dapuran cau. Nyumputna teu buni. Kalah ka huluna wé anu ngelok téh, ari awakna teu dibunian. Atuh puguh babari kapanggihna ku Pa Tani.
“Ieu geuning hiji deui anu sok ngaranjah kebon aing téh!” ceuk Pa Tani bari néwak Sakadang Kuya. Sakadang Kuya ditalian, tuluy dibawa ka saung.
Sakadang Monyét nénjokeun Sakadang Kuya anu dibawa ku Pa Tani. Haténa mah seuri. “Puas siah, bongan sok hayang meunang sorangan!” ceuk Sakadang Monyét dina jero haténa. Manéhna ngarasa bungah, pédah geus bisa males kanyeri haténa basa ngala nangka jeung cau téa. Sakadang Kuya dibawa ku Pa Tani ka imahna.
“Ambu, Ambu, ka dieu geura!” ceuk Pa Tani ka pamajikananana.
“Aya naon bapana, meni siga nu dines pisan?”
Ieu geura tempo, uing meunang kuya!” ceuk Pa Tani.
Ambu Tani norojol.
“Euleuh-euleuh, enya baé mani gedé kitu! Kuya ti mana bapana?”
“Ti kebon. Kapanggih keur ngaweswes wé ngahakanan cabé. Ieu tayohna mah anu sok malingan cabé téh!”
“Ieu téh rék dikumahakeun?”
“Urang peuncit wé, isukan. Urang asakan, moal teu gajih geura kuya sagedé kieu mah. Ayeuna mah kurungan baé heula ku ranggap. Kadé bisi leupas!”
Kuya dikurungan ku ranggap, luhurna dibeungbeuratan ku batu, bisa ngencar cenah.
“Atuh meureun kudu meuli samarana ka pasar ari rék dipeuncit mah,” ceuk Ambu Tani.
“Enya, jung ka pasar meuli samarana meungpeung beurang kénéh. Ajakan baé Si Nyai,” ceuk Pa Tani. “Uing gé arék ka Ki Kerta heula sakeudeung, balikna engké meureun bada magrib.”
Teu lila Ambu Tani jeung anakna anu awéwé indit ka pasar. Bada asar Pa Tani kaluar ti imahna, arék ka imah Ki Kerta.



Sawatara bulan ti harita, pelak cau Sakadang Kuya téh geus baruahan, malah geus arasak. Mimiti kanyahoanana ku Sakadang Monyét. Atuh Sakadang Monyét téh hariweusweus nyaritakeun tangkal cau téa ka Sakadang Kuya.
“Ieuh, geuning tangkal cau téh geus buahan. Buahna ogé geus karonéng deuih,” ceuk Sakadang Monyét.
“Piraku Sakadang Monyét?”
“Sumpah. Pan bieu uing ngaliwat ka dinya. Kudu buru-buru diala, bisi kaburu ku cocodot!”
“Heug, isukan mah urang ala.”
“Keun uing anu ngalana mah, urang taékan. Sakadang Kuya mah cicing wé di handap, da teu bisa naék. Ngan uing ménta nya, apan uing anu ngalana, jeung uing deuih anu pangheulana nganyahoankeun geus asakna ogé! Kuduna mah dibagi dua.”
Sakadang Kuya ukur nyenghél ngadéngé omongan Sakadang Monyét kitu téh. Teu némbal.
Peutingna, soré kénéh Sakadang Monyét geus saré. Jigana mah capéeun, lantaran beurangna geus liar jauh. Ari Sakadang Kuya mah masih kénéh nyileuk. Keur kitu kadéngé Sakadang Monyét ngalindur, “Isukan uing rék ngala cau. Cauna rék dibawa kabur, Sakadang Kuya mah moal dibéré. Bongan tuda, basa éta gé nangka dibéakkeun ku sorangan.” Tayohna mah Sakadang Monyét téh neuteuli soal nangka téa, nepi ka kababawa ngalindur.
Ngadéngé kitu, Sakadang Kuya ngahuleng. Mikiran kumaha carana sangkan isukan cauna henteu dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Manéhna manggih akal. Belenyéh seuri sorangan. Manéhna nyokot koja. Tuluy éta koja téh dibolongan handapna. Anu bolongna téh dianyamkeun deui, tapi anyamanana padu némpél, nepi ka teu katingali geus dibolongan. Geus kitu mah, dug baé Sakadang Kuya saré.
Isukna, kira-kira wanci haneut moyan, Sakadang Monyét ngajak ngala cau téa ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, hayu urang ngala cau téa!”
“Hayu. Tah, bawa atuh kojana ku Sakadang Monyét, keur wadahna. Pan anjeun anu rék ngalana ogé, uing mah teu bisa naékna.”
“Heueuh, ka dieu urang bawa ku uing,” ceuk Sakadang Monyét. Koja téh disalindangkeun.
Duanana leumpang antaré naker. Sakadang Monyét mah katénjona téh bungah pisan. Paromanna marahmay, malah maké jeung hahariringan sagala. Boga rasa, manéhna bakal meunang milik anu kacida lobana. Sakadang Kuya mah moal dibéré.
Barang tepi ka nu dijugjug, enya baé cau téh geus arasak. Komo seuhangna mah, geus karonéng. Anu katénjo héjo kénéh téh, butitina wé.
Teu ngadagoan dititah heula, kalacat wé Sakadang Monyét naék kana tangkal cau. Tuluy baé metikan cau anu geus arasakna. Sanggeus dipetik, terus diadupkeun kana koja. Atuh puguh wé cau téh murag, lantaran handapna geus dibolongan téa ku Sakadang Kuya. Cau anu murag téh disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus dibuka cangkangna, belewek baé didahar.
Sakadang Monyét mah tonggoy baé metikan cau. Petik, sup kana koja, pluk murag. Kitu jeung kitu baé. Sakadang Monyét teu nyahoeun, da teu rurat-rérét ka handap. Bakating ku hayang buru-buru anggeus ngala cauna.
Bari ngaweswes ngadaharan cau, Sakadang Kuya api-api ngurihit ménta cau ka Sakadang Monyét.
“Jang, cik atuh ménta cau téh. Hijiii wé. Uing mah meni hayang ngasaan!”
Sakadang Monyét teu némbalan. Malah teu ngalieuk-lieuk acan.
“Emh, Sakadang Monyét mah teu inget wé ka uing téh!”
Sakadang Monyét hare-haré.
Barang cau anu arasakna geus béak, Sakadang Monyét tuturubun turun tina tangkal cau. Maksudna rék mawa kabur cau arasak, anu pangrasana mah aya dina kojana. Deregdeg baé lumpat, térékél naék kana tangkal anu jangkung. Clé diuk dina dahanna anu luhur. Leungeunna ngodok koja rék nyokot cau. Cauna euweuh. Barang eusina diilikan, Sakadang Monyét ngajéréwét kagét, lantaran kojana kosong. Beuki kagét barang ningali koja téh handapna bolong.
Rét ka handap, katingali Sakadang Kuya keur nyarandé kana tangkal cau bari nyekelan beuteung. Kamerekaan lantaran loba teuing ngadahar cau. Di sabudeureunana cangkang cau meni ngabayak.
Sakadang Monyét buru-buru turun tina tangkal, tuluy nyampeurkeun Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya, ménta cauna atuh!”
“Tah, aya hiji deui!” ceuk Sakadang Kuya bari nuduhkeun kana cau anu ngagolér.
“Maenya ngan hiji!” ceuk Sakadang Monyét nyereng.
“Ih, apan anu naékna gé Sakadang Monyét, uing mah ngan mulungan anu maruragna wungkul,” témbal Sakadang Kuya, bari angger ngusapan beuteungna anu mutiktrik.
Cau téh dicokot, tuluy didahar ku Sakadang Monyét. Puguh baé ngeunah, cau raja ceré, asak dina tangkal deuih.
Sakadang Monyét kacida keuheuleunana ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sobat baé!” pokna bari terus indit.
Sakadang Monyét pundung deui. Indit ka jero leuweung, ninggalkeun Sakadang Kuya.


Anu pundung téh henteu lila. Ngan sapeuting. Isukna, isuk-isuk Sakadang Monyét geus datang deui nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!”
“Kuk!”
“Keur naon?”
“Ah, biasa wé keur moyan,” témbal Sakadang Kuya anu keur cinutrung dina batu. “Ari tadi peuting saré di mana Sakadang Monyét téh?” Sakadang Kuya malik nanya.
“Di ditu, di deukeut kebon Pa Tani.”
“Baruk? Naha Ujang teu sieun ku Pa Tani?”
“Ah, henteu, da Pa Tanina ogé areuweuh. Imahna gé katénjona karosong. Jigana mah keur arindit jauh.”
“Kadé ah, sing ati-ati mun papanggih Pa Tani. Pa Tani téh manusa. Manusa téa hararak jeung sagala beuki deuih!”
“Sing percaya wé atuh ka uing!”
Jempé sajongjongan. Pok Sakadang Monyét nyarita deui.
“Lain, Sakadang Kuya, uing téh kabita ku Pa Tani.”
“Kabita kumaha?”
“Kabita ku cara hirupna, meni asa garenah. Geura baé, mun hayang barangdahar, teu kudu kukurilingan heula néangan dahareun cara urang. Béas kari nutu. Atuh deungeunna kari ngala di kebon. Geus puguh sabangsa lalab mah. Asal daék ngalana. Kabéh aya di kebonna.”
“Atuh kudu daék ngebon Jang, mun hayang kitu mah.”
“Enya, kumaha lamun ayeuna urang ngebon nurutan Pa Tani? Meureun mun hayang baranghakan téh teu kudu kukurilingan heula cara ayeuna. Kari ngala wé di kebon.”
“Alus tah, Jang, pikiran téh. Ngan melak naon nya anu pantes keur urang?”
“Ku lantaran uing mah karesep téh cau, kumaha upama melak tangkal cau?”
“Hih, da uing ogé resep kana cau mah!”
Duanana sapogodos rék melak cau.
“Tapi di mana melakna?” Sakadang Monyét nanya.
“Ah, di dinya wé tah, di hilir, di sisi leuwi. Di dinya aya tanah kosong, meujeuhna mun ku urang dikebonan téh. Tanahna ogé alus di dinya,” témbal Sakadang Kuya.
“Naha lain di girang wé atuh, deukeut ka basisir?”
“Di dinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik.”
Sapuk baé rék ngebon cau di tanah kosong sisi leuwi.
Ari binihna rék ngala di kebon Pa Tani. Kabeneran Pa Tanina keur euweuh. Malah dina ayana ogé, moal ambek sugan ari dipénta binih cau mah. Asal ulah diala cauna wé, komo anu geus asak dina tangkal mah.
Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét indit ka kebon Pa Tani.
“Ari Sakadang Kuya rék melak naonana?” Jang Onyé nanya.
“Uing mah rék melak anakna wé.”
“Har, atuh lila kana buahanana ari melak anakna mah.”
“Éh, da kitu biasana, ari melak cau mah kudu anakna.”
“Ah, teu kitu! Uing mah rék melak jantungna wé,” ceuk Sakadang Monyét.
“Naha?”
“Ari Sakadang Kuya, bodo téh dibéakkeun ku sorangan. Yeuh, ari cau téh asalna tina jantung. Anu matak uing mah arék melak jantungna, ambéh téréh kaala buahna,” ceuk Sakadang Monyét bari semu ngécé ka Sakadang Kuya.
“Ah, uing mah rék nurutkeun tali paranti wé, melak anakna, anak cau.”
“Heug atuh, Sakadang Kuya melak anakna, uing melak jantungna. Ayeuna mah urang paheula-heula buahan! Pasti pelak uing anu pangheulana buahan mah!” ceuk Sakadang Monyét, yakin pisan.
Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau di tanah nu di sisi leuwi téa. Sakadang Kuya melak anakna, anak cau, ari Sakadang Monyét melak jantungna.
Saminggu ti harita, pelak cau téh ditaréang.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh geus kumaha?” Sakadang Monyét nanya.
“Karak lilir nu uing mah. Ari nu Sakadang Monyét geus kumaha?”
“Geus beukah, sakeudeung deui ogé geura, bijil buahna,” ceuk Sakadang Monyét, bungah naker.
Saminggu deui ti harita, maranéhna naréang deui pelak cauna.
“Sakadang Kuya, pelak cau téh ayeuna geus kumaha?” ceuk Sakadang Monyét.
“Anu uing mah geus bijil pucuk. Ari nu Sakadang Monyét kumaha?”
“Pelak uing mah atung-atung énéh aé,” témbal Sakadang Monyét ngabéléhém. Maksudna mah jantung-jantung kénéh baé.
Selang saminggu, pelak cau téh ditaréang deui.
“Ayeuna geus kumaha pelak cau téh,” Sakadang Monyét nanya.
“Tuh, geus bijil pucuk tilu. Ari nu Sakadang Monyét?”
“Atung-atung énéh aé.”
Beuki lila, pelak cau Sakadang Kuya beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé, kawantu tanahna subur. Ari pelak jantung Sakadang Monyét mah, tibatan jadi kalah ka buruk. Nampuyak digembrong laleur.
“Ning alah uyuk sia mah!” ceuk Sakadang Monyét bari nalapung pelak jantungna. Sakadang Kuya ukur mésem nénjo kalakuan Sakadang Monyét kitu téh. Na jero haténa mah nyeungseurikeun, bari ngagerentes, “Dasar kokolot begog! Henteu umum atuh melak cau jantungna mah!”
Ahirna di dinya téh ngan aya pelak cau anu Sakadang Kuya. Geus kitu mah diarantep wé, teu ditéang-téang deui. Engké cenah lamun kira-kira buahna geus arasak, rék ditéang deui bari sakalian diala.

0 komentar:

Posting Komentar